The content presented here requires JavaScript to be enabled and the latest version of the Macromedia Flash Player. If you are you using a browser with JavaScript disabled please enable it now. Otherwise, please update your version of the free Flash Player by downloading here.

Kamis, 19 Januari 2012

KAWIH BARUDAK

KAWIH BARUDAK

  1. Cang kacang panjang
Cang kacang panjang anu panjang ucing
Cang kacang panjang anu pondok ucing

  1. Tokecang
Tokecang tokecang balagendil tos blong
Angeun kacang angeun kacang sapariuk kosong

  1. Cingciripit
Cingciripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seuseukeutna
Jol pa dalang mawa wayang jek-jek nong!

  1. Oray-orayan
Oray-orayan luar leor ka sawah
Entong ka sawah parena keur sedeng beukah
Mening ge teuleum di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi? Anu mandina pandeuri

  1. Ucang angge
Cang ucang angge mulung muncang kapapangge
Digogog ku anjing gede, anjing gede nu pa lebe
ari gog gog cungunguk

  1. Paciwit-ciwit
Paciwit-ciwit lutung
Si lutung pindah ka luhur
  1. Endog-endogan
Endog-endogan peupeus hiji prek
Endog-endogan peupeus hiji prek
Goleang-goleang mata sapi bolotot

  1. Punten mangga
Punten mangga ari ga gatot gaca
Ari ca cau ambon ari bon bonteng asak
Ari sak sakit perut ari rut rujak asem
Ari sem sempal sempil ari pil pilem rame
Ari me meja makan ari kan kantong kosong
Ari song songsong lampu ari pu puak paok
ari wok wok cenewok

  1. Bang-bang kalima-lima gobang-bang
Bangkong di tengah sawah wah wahai tukang bajigur gur
Guru sakola desa sa saban poe ngajar jar
Jarum paranti ngaput pu putri nu gareulis lis
Lisung ka dua-dua halu lu luhur kapal udara ra
Rag-rag di Jakarta ta taun dua rebu bu
buah meunang ngala la lauk meunang nyobek bek
beklen meunang muter ter terus ka Cikampek pek
Pek dewek hayang diteke

  1. Sepdur
Sepdur-sepdur mantri-mantri maanjedur
kahijina, kaduana, katiluna, saha nu di tangkap!

  1. Surser
Surser-surser angeun kacang acan asak disuluhan ku baketok
Baketok meunang meulahan, meulahan ku peso petok
Peso petok gagang timah, beletok batur saimah
Dugdubro sambel laja saboboko, colek-colek bau nyonyos

  1. Perepet jengkol
Perepet jengkol jajahean
ka dempet jempol jejeretean

  1. Trang-trang kolentrang
Trang-trang kolentrang si londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan mesat gobang kabuyutan

  1. Cublak-cublak suweng
cublak-cublak suweng, suwenge ting geleter
Mambu ketundung gudel, pa empok lera lere
Sopo ngguyu ndeliake sir sir pong dele kopong
Sir sir pong dele kopong

  1. Gundul pacul
Gundul-gundul pacul cul gembelengan
Nyunggi-nyunggi wakul kul gempelengan
Wakul ngglimpang segane dadi sak rantang
Wakul ngglimpang segane dadi sak rantang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar