The content presented here requires JavaScript to be enabled and the latest version of the Macromedia Flash Player. If you are you using a browser with JavaScript disabled please enable it now. Otherwise, please update your version of the free Flash Player by downloading here.

Kamis, 19 Januari 2012

PUPUH

PUPUH

1.      Pupuh Kinanti
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupa ning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih

Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disada kokoreakan
Cing hempek ku anjen piker
Nu kitu naon ngaranna
Lolong lamun teu kapanggih

2.      Pupuh Asmarandana
Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangabisa
Lamun kasasarnya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

3.      Pupuh Sinom
Sinom nu jadi piwulang
Piwulang ka murangkalih
Anu eukeur sarakola
Nambih salametnya diri
Ingetkeun beurang peuting
Tungkus dina jero kalbu
Keur conto salalawasna
Kaitkeun dina jero ati
Ulah pisan hirup tinggal ti wiwaha

4.      Pupuh Dangdanggula
Eh barudak poma sing areling
Sing nyaraah ka Indung ka Bapa
Maraneh teh matak hese
Komo nu jadi Indung
Kahesean kaliwat saking
Ti keur di kandungan
Matak hese wungkul
Mun dengdek kukulinciran
Waktu maneh gubrag gumelar kalahir
Indung teh boa ajal

5.      Pupuh Maskumambang
Eh barudak kudu mikir ti leuleutik
Maneh kahutangan
Ka kolot ti barang lahir
Nepi ka ayeuna pisan

Kupanggawe matak hese matak pusing
Sumawon rugina
Kolotnya mere rejeki
Dahar leueut papakean


Maraneh teh kudu bisa boga piker
Rek mulang tarima
Ka kolot rek males asih
Dimana geus cumarita

6.      Pupuh Pucung
Utamana jalma kudu rea batur
Keur silih tulungan
Silih titipkeunnya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma
Dina raray aya soca jeung pangambung
Angkeut kening taar
Aya baham reujeung damis
Aya lambey reujeung cepil tengen kiwa

7.      Pupuh Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang engkang, engkang engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun na arek sarupa jeung lancah

8.      Pupuh Durma
Moal ngejat sanajan saukur satapak
Geus di pasti ku janji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Henteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit


9.      Pupuh Pangkur
Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajah milangan kori
Henteu puguh nu dijugjug
Balikan paman sadaya
Nu ti mana tiluan semu rarusuh
Lurah begal ngawalonan
Aing ngaran jaya pati

10.  Pupuh Wirangrong
Deudeuh teuing nu prihatin
Rukmantara keur kabendon
Sedih manahna kalangkung
Henteu eureun eureun nangis
Angkat sa kaparan paran
Kawas anu eukeur gundam

11.  Pupuh Mijil
Mesat ngapung putra sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak lirik ningali ka bumi
Ngilari kang rai
Pangeran Bimanyu
Nyangereng

12.  Pupuh Balakbak
Aya warung sisi jalan rame pisan
Citameng
Awewena luas luis geulis pisan
Ngagoreng
Lalakina lalakina los ka pipir
nyoo monyet
Nyangereng

13.  Pupuh Magatru
Majala Ciparay Banjaran Bandung
Kopo Rongga Cisondari
Cicalengka Ujung Berung
Rajamandala Cimahi
Leles Limbangan Tarogong

14.  Pupuh Jurudemung
Mungguh hirup didunya
Ku kersaning Anu Agung
Geus pinasti panggih
Geus pinasti
Geus pinasti panggih
Jeung du rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

15.  Pupuh Gambuh
Kutan kieu ari maung
Sima na kaliwat langkung
Jalmi-jalmi warni-warni
Seueur anu ngoplok bujur
Bawa ning

16.  Pupuh Lambang
Urang kudu inget pisan
Nya diajar di sakola
Urang kudu inget pisan
Nya diajar di sakola
Masing geura geura biasa
Sing inget ka Indung Bapa
Masing geura geura biasa
Sing inget ka Indung Bapa

17.  Pupuh Gurisa
Waktu Barudak keur mijah
Arulin semu barungah
Ngiuhan di bale desa
Ngadago raat na hujan

Ger hujan gede pohara
Barudak bring lalumpatan
Amir ngomong ka baturna
Keur tambah kesel nungguan
Ngajakan tatarucingan
Baturna pada mupakat
Amir kapeto tiheula
Tarucing dimimitian

Tidak ada komentar:

Posting Komentar